Ana səhifə

Aya bobodoran sunda yeuh Serba Serbi Tujuhbelasan


Yüklə 112 Kb.
tarix24.06.2016
ölçüsü112 Kb.
aya bobodoran sunda yeuh...

Serba Serbi Tujuhbelasan

"Teu karasa geuning nagara urang teh geus 58 taun merdeka, mun ningali dina umurna mah geus meujeuhna metik hasilna tina kamerdekaan eta. Tapi anu ngabukti ayeuna, tetep we kueh kamerdekaan teh di carapluk ku nu jaregud, ra' yat leutik mah angger we jumerit !" mang Suharma murukusunu.


"Heueuh euy..komo mun ningali nasib urang salaku patani,keur mah sawahna meledug kagaringan,harga gemuk jeung obat ngawang ngawang, hasilna mun dijual celeketek teh teu sabaraha, boro boro bisa nyakolakeun anak urang ka perguruaan tinggi anu ngaliwatan jalur husus, jeung modal nyawah deui ge can tangtu !" sambung mang Sarkim bari ngalintingkeun daun kawung keur ududeun.
Enya ra' yat leutik mah ngan ukur bisa murukusunu, teu bisa walakaya ningali kaayaan kitu teh, tapi najan kitu ge teu weleh ari ngareuah reuah agustusan mah sarumanget keneh, unggal desa paeuyeub euyeub aleutan, paloba loba gotongan jampanna, paalus alus kreasi senina, papinunjul pinunjul dina prestasi olah ragana, ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut mapay mapay jalan desa,tepung ngalingkung kaalun-alun.
"Nya ku saha deui atuh mun teu dimeriahkeun ku arurang mah!" ceuk mang Karna anu kabagean nanggung jampan anu ngajeblag aya tulisan " Perhatikan nasib petani!"
"Heueuh da pamohalan pajabat mah daekeun nananggung jampan anu sakieu beuratna, mana moreret panas deuih !" tempas mang Ono bari ngelapan kesangna anu nyuruluk murag kana tulisan jampanna anu unina " Iraha jalan kalembur uing diaspal ?"
Sorena di unggal pilemburan sok diayakeun rupa rupa perlombaan kayaning, maen rebutan, balap karung,goyang Inul jrrd. Kitu deui di lemburna si nini gujrud yen sinini unggul dina lomba balap karungna.
" Edun euy sinini, teu nyangka bisa nyerepet kitu leumpang dina karung!" ceuk siaki muji sinini,atuh puguh we liang irung sinini ngadadak rebeh.
"Puguh ieu teh gara gara karungna aya beuritan, pas ngelengkah santok deui santok deui bujur nini digegel, karuhan lumpat nini beuki tarik!" jawab sinini
"Oh kutan kitu !" ceuk siaki bari ngaheheh
"Tah ari tadi aki pasangan jeung saha waktu lomba goyang Inul ?" tanya sinini
"Har nya teu sidik kitu....apan aki teh pasangan jeung si Odah anu karek dua bulan pepegatan !"
"Hmhh..raos nya pageye geye jeung randa ngora ?" ceuk sinini bari jejebris
"Tong cembekur kitu atuh ni..puguh tadi teh aya kasalahan teknis sugan teh balon anu dipake ganjel dada aki jeung dada si Odah teh can bitu, ku aki teh terus we di goyang ari pek teh geuning nu genyal teh gunung na angen angena si Odah !"
"Bedull...paingan atuh laguna geus eureun ge hayoh wae ngariyed !" sinini jebi.
"Geus ah tong kapapanjangan...eh ari tadi kunaon nini ngadadak ngajerit bari meumpeun carang ?"
"Hiihh...mun inget kanu tadi sok ginggiapeun keneh !" sinini bibirigidigan
"Nya ningali naon atuh ?" siaki panasaran
"Eta waktu si Juha ngilu maen rebutan, tihandap kolorna aya nu ngarawel, atuh puguh we jeroan si Juha ngaburahol hihhh !" ceuk sinini bari bibirigidigan keneh.

"Geuning make meumpeun carang sagala ?"


"Hayang sidik we..naha gedean mana jeung cocoan sinini ?"

Ngadodoho Jodo

Ceuk batur mah rupa uing teh goreng patut, uing seuri da memangna enya pisan. Najan kitu ari ningali wanoja nu amucuy mah sok ngadadak ngaruy. Pajarkeun teh lahuta,teu nalipak maneh,hayang kanu geulis,kitu meureun ting kecewisna batur basa uing kaperegok ngiringkeun mojang mencrang urang Ciherang. Dasar sirik ! Heueuh mun dipikir pikir mah boro boro batur dalah uing ge ngarasa heran,naha neng Novie anu sakitu amucuyna bet daekeun ka uing ?


"Wah nya meureun matak daekeun ge da dipelet !" kadenge batur sing kecewis deui. Daek meduuu ! uing ngagugudug nyeuneu. Rasa kaheran anu sok nyangkoyot dina hate ahirna kanyahoan, sihoreng matak daekeun ge geuning neng Novie teh pangacakan batur. Hmmhh... dasar nasib,rajeun meunang sikumpay ari pek teh geuning geus endogan. Lain raja tega tapi kapaksa, gelenceng tali pancingan anu kungsi nyangreud dihate neng Novie dipegatkeun, koleab koleab sikumpay nyoloyong kahilirkeun. Rob loba nu muru. Dina jero hate ngan ukur bisa ngagerentes
"Pek tah saha nu hayang kabalejog deui !"
Tujuh poe tiharita clom tali pancingan di epankeun deui,giriwil aya nu nyanggut,kulap kelep dulak delek beuki lila beuki sidik sugan teh si Laohan impor ari pek teh geuning nu nyanggut teh ngan ukur si jaer hideung. Pamikir teh lumayan hideung hideung ge da geuning hideung santen,kaparengan palebah rupana mah nurubcupu jeung uing....uing belewuk...neng Surti sijaer tea cakeutreuk..serasi lah..! Tapi edas...sugan teh epana cukup ku jenil baso,cilok atawa es teler, da geuning lamun ngajak jajan matak rangkebong eusi dompet. Lamun geus kitu sok langsung we ngahaleuang lagu "Balikin" anu sok dihariringkeun ku para slankers "Mencintai kamu...bikin dompet gue kebobolan...balikin... oh... oh balikin !"
Tilu poe hahadean jeung manehna awak geus ngorotan tilu kilo, begang lantaran mikiran pangabutuhna. Tibatan awak jadi begang,hutang raweuy, luluasan jemprung,tali pancingan anu nyangreud di biwir si Jaer hideung dipegatkeun deui.
Koleab koleab si jaer matre ngoleab nuju kahilirkeun. Dina jero hate ngagerentes deui "Pek tah saha nu daek mulung!" Nepi ka ayeuna tali pancingan can wani ditaheunkeun deui,sieun keneh,ginggiapeun keneh,sieun deui manggih sikumpay endogan atawa bisi meunang
deui si jaer matre. Keun urang dodoho wae didieu, diluhureun golodog, sugan wae aya Siti Nurhaliza ngalanggkung atawa Bella Saphira ngaliwat.
Da ceuk nini ge cenah jodo mah jorok, euweuh aturan yen nu geulis kudu jeung nu kasep,atawa nu goreng jeung nu goreng deui, ari geus jodona mah bisa wae uing ge meunangkeun nu geulis. Lamun seug Siti Nurhaliza kaparengan ngaliwat kadieu heug dulak delek ka uing terus maksa menta dicangcang ku uing atawa Bella Saphira kukulamprengan kadieu heug kulap kelep terus maksa menta dikawin ku uing, pasti batur teh gujrud bari sing kecewis deui
"Ngalamun teh tong kamalinaan teuing euy..bisi ngebul tah sirah !"
PALAKIAH SUPADOS SALAMET TUMPAK KARETA API

Sanajan mindeng tabrakan jeung sababaraha kali kajadian rajapati, tapi nemi ka kiwari iinditan make kareta api teh masih dianggap pangamanna jeung pangtumaninahna lamun dibandingkeun jeung iinditan make mobil. Pikeun nambahan rasa reugreug panumpang, dihandap aya sababaraha palakiah anu kudu dipilampah supaya urang salamet nyanyabaan ngagunakeun kareta api, nyaeta:
1.   usahakeun upama urang tumpak kareta api teh anu aya huluan lengkep jeung masinisna. Ulah nyoba nyoba tumpak kareta api anu euweuh huluan jeung euweuh masinisan, sabab masing didagoan aya mingguna oge eta kareta api teh moal maju – maju
2.   usahakeun milih gerbong teh panghareupna. Malah upama bias mah diuk teh kudu ngarendeng jeung masinis dina hulu kareta. Mangpaatna urang diuk panghareupna teh nyaeta supaya urang bias pangheulana nepi ka tempat tujuan.
3.   supaya urang bias haratis, usahakeun kareta nu tumpakan ku urang teh kondekturna mitoha urang.
4.   saacan naek kareta, tanyakeun heula ka masinisna naha eta kareta teh bakal tabrakan atawa moal? Lamun masinisna keukeuh ngajawab bakal tabrakan, alusna urang milih kareta nu sejen deui.
5.   pikeun ngajaga bisi aya nu niat jahat,alusna urang ulah make perhiasan anu “mencolok” saperti jarum, linggis, peso raut, anteneu tipi jeungnu “mencolok” sejenna.
6.   Supaya leuwih aman, alusna eta kareta teh ku urang diborong sagerbong. Panto pantona sajaba di konci teh, sakalian di elas deuih supaya jalma nu rek niat jahat tea teu bisaeun asup. Alusna pisan, upama kabeneran waragadna nyampak, eta kareta teh diborong kabeh, jadi panumpangna teh ngan duaan, urang kadua masinis.
7.   sanajan loba duit, urang ulah nyoba- nyoba hayang tumpak kareta api ka Subang. Masing diborong oge moal aya masinis anu sanggupeun.

PALAKIAH SUPAYA SALAMET DI PERJALANAN

Sarerea ge tangtu teu ngaharepkeun ngalaman cilaka di perjalanan. Tong boro cilaka, dalah mogok oge, apan eta teh hiji kajadian anu matak ngabarubahkeun hate supir jeung panumpangna. Bilih para pamaos hoyong uninga palakiahna supadosurang salamet di perjalanan, di handap di berendelkeun hiji hijina.

1.   sateuacan distater, tingali heula mobil urang teh aya mesinan atanapi henteu. Upami teu aya mesinan, ulah maksakeun anjeun teras dianggo, margi dijamin .... moal dugi ka tujuan.


2.   husus ka nu kagungan mobil built up eropa setir kenca, sanaos parantos dimodipikasi janten setir katuhu angger bae kedah ati – ati upami gas, erem sareng kuplingna masih keneh aya di kenca. Tos kasawang panginten ku sadayana oge upami setir di katuhu teras erem, gas sareng kupling di kenca mah ngaggo na oge asa kirang lugina.
3.   Upami setir urang digentos ku setir racing, kahade setirna kedah aya nu buleudan. Upami teu aya nu buleudan, mung ngelekeceng sapertis halu, rada sesah nganggona margi kedah ..... digere
4.   supados enggal dugi ka tujuan, urang kedah apal heula peta buta. Upami ti Bandung bade ka Jogja, tangtos kedah ngetan. Upami maksakeun ngulon, tangtos dugina moal ka jogja, namung ka....... jakarta.
5.   sanaos ban mobil urang wareuteuh, namung taya lepatna upami urang nyandak ban serep sapuluh siki. Mangpaatna teh upama dina sakalina urang seepeun artos di perjalanan, eta ban serep teh tiasa diical

PEUREUM

Geus kasohor apan supir-supr beus malam mah pohara baragajulna. Lain bae resep ngebut, tampolana ngajalankeun beusna teh siga nu tue make takeran, asa deukeut-deukeut kana picilakaeun.
Hiji mangsa aya beus malam muru ka Bandungkeun. Ti Jogja keneh eta beus teh majuna pohara tarikna. Lamun kurang tapis mah supirna, eta beus geus sababaraha kali rek cilaka.
Waktu eta beus maju ka cadas pangeran keun, supirna katembong beuki ugal ugalan. Sababaraha kali bujur beus ngadupak awiu nu keur disurung make roda. Atuh puguh wae kaayaan kitu teh naglantarankeun timbulna rasa keuheul jeung sieun sakabeh panumpang.
“Pir, sing bener atuh nyupiran teh. Ti Jogja kenah ibu mah ngarasa sieun jeung paur, da gening Pa Supir mah nagjalankeun beus teh siga nu keur balap,” ceuk saurang awewe tengah tuwuh nu diuk dina Jok Panghareupna.
“Bu, upami Ibu ngaraos sieun sareng paur, nya gampil, kantun peureum bae. Tuh pan abdi oge sami peureum, janten henteu sieun!” tembal supir
Kanibal
taken from Sabulangbentor. by Taufik Faturahman

saurang antropolog rek nalungtik ngeunaan aya henteu na jalma kanibal anu kabiasaan ngadahar daging jalma deui.


Barang parahuna anjog ka basisir eta pulo, ujug - ujug nyampeurkeun bae saurang jalma bosongot pikasieuneun.
"aya naon maneh datang kadieu?" ceuk eta jalma bosongot siga nu rek ngerekeb.
abdi teh antropolog, maksad dongkap ka dieu bade nalungtik perkawis jalmi kanibal," tembal eta antropolog bari neger - neger maneh
"Naon nu dimaksud kanibal teh?" ceuk eta jalma bosongot siga nu teu ngarti.
"jalmi kanibal teh nya eta jalma nu ngagaduhan kabiasaan nuang daging jalma. Tah abdi dongkap ka ieu pulo teh hoyong terang perkawis jumlah jalmi kanibal di dieu,"
"His, euweuh jalma kanibal di ieu pulo mah," ceuk eta jalma bosongot,"aya oge kamari saurang deui, apan geus di hakan ku aing!!" pokna.
KUTU

Aya kutu teuing ku mahiwal. Manehna hayang nyayang jeung bumetah dina bubuluan sakur artis jeung tokoh-tokoh kawentar. Sanajan hese beleke, ahirna eta kutu teh bisa nyayang dina ...kelek Mike Tyson.
Tapi sabada sababarahan poe manehna nyayang dina kelek Mike Tyson, eta kutu teh ngarasa teu betah, lantaran kelek Mike Tyson mah pohara bauna. Saterusna eta kutu gura-giru pindah, sarta ku sumanget keung akalna, eta kutu teh ahirna nyayang dina ... kumis Charles Bronson.
Ngan edas we, abong Charles Bronson mah bentang film kasohor jeung loba kabogohna, eta kutu teh ngalaman tibabaranting sababaraha kali, lantaran Charles Bronson mindeng pisan silih cium jeung bentang-bentang film awewe sejenna. Ahirna eta kutu teh ngarasa teu betah, sarta manehna usaha satekah polah hayang pindah tina kumis Charles Bronson kana ... “taeun” Madonna.
Tapi orokaya, sanggeus eta kutu bisa nyayang dina “taeun” Madonna, hiji mangsa manehna nundutan nepi ka sarena. Dina mangsa manehna keur sare, Madonna teh tepung jeung Charles Bronson lantaran maranehna boga jangji rek sare bareng.
Ari kutu tea, manehna pohara kagetna waktu hudang sare horeng manehna jadi aya deui dina ... kumis Charles Bronson?

PALAKIAH sangkan salaki selingkuh

Selingkuh itu indah!! Kitu babasan heureuy anu sok diaromongkeun ku sakur jalma anu kungsi ngalaman salingkuh. SII tea gening singketanana mah. Naha enya kitu salingkuh teh endah? Kakara bisa ngajawab etya pertanyaan saupama urang geus ngalaman salingkuh. Husus kangge ibu ibu anu ngaraos kagok pikeun ngajurung jurung salaki urang sangkan salingkuh, di handap di berendelkeun palakiah anu kedah dilaksanakeun ku urang.


1. sing sering ngayakeun arisn. Saena mah arisan teh dilaksanakeun unggal dinten, malih waktosna ditambihan dugi ka tabuh ........ dua belas wengi
2. Sing leukeun maca. Nu dibaca teh sanes koran atanapi buku, namung serat serat heubeul ti ..... mantan kabogoh urang. Usahakeun macana teh payuneun salaki urang.
3. sing rajin nyobian resep enggal. Upami parantos rengse masakna, enggal eta tuangeun teh pasihkeun ka salaki urang bari diimplik – implikan “gule sapertos kieu teh karesepna kang aris, ari goreng emping garing sapertos kieu kieu karesepna kang cepi” ari aris, jeung cepi teh, enya ... mantan kabogoh urang tea.
4. sing rajin nonton tv. Memang ayeuna mah acara dina tv teh pohara saena, utaminasinetron jeung kuis. Ti ngawitan acara tv di buka ulah liren - liren nya nongton dugi ka tutup na acara tv. Saterasna teraskeun kulem dina.... korsi panjang dugi ka enjingna.
5. Sing rajin nganggo jeket. Upoami sakalina kulem sareng caroge, saena mah ulah ngangge acuk tidur, namung kedah nganggo training dilapis ku jeket, dina sakalina salaki urang susur – sasar mukaan anggoan, urang ulah galideur. Keun bae training sareng jeket urang dibukaan ku manehna oge, da urang tetep bakal salamet, margina gagaduhan urang teh apan ngangge ....... lakban
Perang Dingin Antara Brueckner dan Scolari oleh Taufik Faturohman

Setelah Republik Cheska mengalahkan Swiss 1-0 dan Portugal mengalahkan Turki 2-0, maka pertandingan Cheska melawan Portugal nanti malam akan menarik dan wajib ditonton. Saya mempunyai prediksi bahwa pertandingan tersebut akan berakhir imbang.

Kalau Swiss dan Turki dalam dua pertandingan sisa kalah lagi, otomatis yang akan mewakili Grup A ke babak selanjutnya adalah Cheska dan Portugal. Khusus bagi pemain Swiss, walau tersisih, mereka tidak usah pulang ke negaranya, da kateuteuari, apan sapopoena maranehna teh cicing di Swiss, tempat berlangsungnya perhelatan Euro 2008.

Pertandingan Cheska melawan Portugal akan dilaksanakan di Stade Geneva. Stadion berkapasitas 30.000 penonton ini asalnya bernama Charmilles, berada di kawasan mewah kota Jenewa. Di Stadion yang dilengkapi hotel, restoran, dan pertokoan ini sehari hari berlatih Sevvette FC, kesebelasan kebanggaan kota Jenewa. Stadion Charmilles sempat populer ketika namanya oleh Farid Harja dipakai salah satu judul lagunya. Masih ingat lagu “Karmila”? kata karmila merupakan terjemahan langsung dari Charmilles.

Menjelang perhelatan Euro 2008, para penggila bola di Cheska melihat ada perubahan sikap, dalam arti Karel Brueckner yang tiba-tiba jadi pemalu dan rendah diri. Mereka beranggapan mungkin perubahan sikap tersebut disebabkan gagalnya kesebelasan Cheska mengikuti piala Dunia 2006. Tetapi istri Brueckner cepat-cepat memberi keterangan bahwa rasa rendah diri Brueckner disebabkan oleh penyakit…rendah darah yang tiba-tiba diidap oleh suaminya.

Walau saya sudah memprediksi bahwa pertandingan Cheska melawan Portugal akan berakhir draw, tetapi mungkin saja kalau ada there is a ghost riding a horse (baca: aya jurig numpak kuda), Cheska bisa memenangi pertandingan walau dengan angka tipis.

Dalam istilah sepak bola angka tipis (golnya terjadi di saat pertandingan akan berakhir) suku diibaratkan dengan istilah gol semata wayang. Tetapi kalau golnya lebih dari 20, lebih tepat kalau disebut gol se-Asep Sunandar Sunarya.

Kalau Cheska ingin menang, kuncinya ada dua. Yang pertama Thomas Rosicky harus piawai mengatur irama pertandingan. Bola harus mengalir dari kaki ke kaki, jangan dari kaki ke tangan. Itu mah handsball namanya. Kedua, Brueckner harus jeli melihat peta kekuatan kesebelasan Portugal. Sebagai pelatih, dia jangan sekali kali melihat peta kota Jenewa eta mah engke we lamun mau jalan-jalan. Tanamkan jiwa defeated before fighting kepada para pemainnya supaya mereka tidak punya jiwa…kumeok memeh dipacok.

Dengan rendah hati, saat itu Brueckner berkata bahwa dalam pertadingan sepak bola tidak apa-apa kalau tim kita tertinggal lawan. Yang penting saat pertandingan usai, kita jangan tertinggal…bis, supaya tak usah leumpang ke penginapan.

Luiz Filipe Scolari pun sama-sama meyakini akan memenangi pertandingan nanti. Karena yakin akan menang, perang dingin pun (baca: parea-rea omong ditempat anu hawana tiis seperti Swiss) berlangsung antara Scolari dan Brueckner. Genderang perang pun ditabuh oleh kedua pelatih tersebut, da nakolan kohkol mah kuriak disangka rek ngaronda. “Dalam Euro 1996 bisa mengalahkan Portugal!” kata Brueckner.



“Itu kejadian 12 tahun lalu, Bung!” tangkis Scolari, “Dalam kurun waktu 12 tahun semua bisa berubah. Anak saya saja yang dulunya TK, sekarang sudah kelas III SMA. Bensin pun sudah beberapa kali naik.” Asa teu nyambung nya?
Tukang manuk nu aya di pasar manuk keur nawarkeun beo ka salahsaurang jalma.
"Mangga bilih bade digaleuh mah. Ieu beo parantos capetang nyarios. Upami ku Bapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal nyarios 'Wilujeung enjing, Pa!. Atuh upami dibetot suku katuhuna, ieu beo bakal nyarios, 'Wilujeung sonten, Pa!'. Mangga, moal kaduhung geura ngagalaeuh beo nu ieu mah," ceuk tukang beo.
"Kumaha Mang upami sukuna dibetot duanana?" ceuk nu rek meuli bangun panasaran.
"Atuh ragrag aingna, bebel !" tembal beo miheulaan ngajawab.

This Ain't a Love Song




Punten sateuacana ieu teh aya kiriman imel ngan duka saha nami nu ngirimna.... ANONIM... ari dibaca pikaseurieun euy.... mangga....
Sababaraha taun ka tukang. Harita kuring masih kénéh digawé di Carnival Cruising Lines, nyaéta parusahaan kapal pesiar anu jalurna téh ti Miami, Florida, tepi ka Kapuloan Bahama. Boga pancén téh jadi waiter dina dék kapal.
Hiji mangsa kapal kuring katatamuan ku grup band ti New Jersey, New York. Saha deui mun lain Bon Jovi. Batur sapagawéan mani hariweusweus ngomongkeun Jon Bon Jovi saparakanca. Sok komo barudak awéwé mah teu sirikna histeris. Kuring mah haré-haré baé. Rék Bon Jovi rék Metallica, mangsa bodo! Kuring mah teu pati resep kana musik brang-bréng-brong siga rock music téh. Resep gé kana musik slow panineungan anu biduanna Matt Monroe, Engelbert Humperdink, jeung Simon 'n Garfunkel.
Hiji poé wanci haneut moyan. Para tamu réa nu ngadon moé awak dina dék kapal. Pon kitu deui Mr. Jon Bon Jovi, Mr. Richie Sambora, Mr. David Brian, Mr. Tico Torres, jeung Mr. Alec John Such. Kabeneran kuring ngaliwat ka palebah maranéhna.
Hi, waiter, come here, please! Mr. Bon Jovi ngagentraan. Manéhna ménta orange juice, gancang baé ku kuring ditedunan. Waktu kuring mikeun pesenan Mr. Bon Jovi, Mr. Sambora pesen lemon tea, kuring rikat mangmawakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Sambora, Mr. Torres hayang diet coke jeung kuéh pancake, teu talangké kuring nyadiakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Torres, Mr. John Such ménta susu jeung roti sandwich. Kuring mimiti keuheul. Waktu mikeun pesenan Mr. John Such,
kuring kukulutus maké Basa Sunda, Ieu mah jelema, aya ku ngagawékeun. Cik atuh ari pesen dahareun téh disakalikeun!
Naha atuh ari pok téh Jon Bon Jovi ngomong, Éta mah risiko pagawéan manéh atuh, Céng!
Gebeg kuring reuwas. Baruk Jon Bon Jovi bisaeun ngomong Basa Sunda?
Har, geuning Sadérék téh tiasa nyarios Basa Sunda? kuring nanya tamba éra.
Apan karuhun déwék téh ti Cisurupan, témbalna kalem.
Leng kuring ngahuleng. Asa ngimpi. Naha enya kitu Jon Bon Jovi téh bibit buitna ti Cisurupan Garut? Panasaran kuring nanya deui, Is that right, Sir?
Silaing cangcaya?Ayeuna déwék rék nanya, ari silaing urang mana?
Abdi ogé sami ti Garut.
Garut palebah mana?
Singajaya.
Nyaho Kampung Mariuk di wewengkon Singajaya?
Tangtos atuh da abdi téh urang dinya.
Wawuh ka Mang Sadeli tukang nyadap?
Kenal pisan.
Bisi teu nyaho, anjeunna téh baraya déwék, geureuhana téh rayina Ajengan Syukron ti Cisurupan, ari déwék ka Ajengan pernahna kapiemang.
Kuring ngan bati olohok. Teu sangka, Jon Bon Jovi biduan hardrock nu kasohor saalam dunya téh geuning masih kénéh teureuh Garut.
Ti harita kuring jadi mindeng ngawangkong jeung manéhna. Anu matak kuring jadi apal silsilah kulawargana. Bapana téh jenenganana Haji Suja'i patani tomat anu beunghar ti Cisurupan. Ari indungna téh Mrs. Mary Joe Martin, pituin urang New Jersey. Aranjeunna tepang di Kota Madinah, dina mangsa munggah haji.
Haji Suja'i henteu mulih deui ka Indonésia tapi ngiring sareng ingkang geureuha ka Amérika. Di New Jersey, padamelan Haji Suja'I tetep baé ngebon tomat. Mrs. Suja'i banget suhud ngawulaan carogé.
Tepi ka waktu kakandungan ku si cikal, Mrs. Suja'i méh baé sabrol- broleun di kebon tomat, duméh tas nganteuran timbel keur Mang Haji. Éta nu jadi matak si cikal lalaki téh ku bapana dingaranan Ujang Obon Suja'i.
Tapi ku lantaran lingkungan gaul urang bulé, babaturan ulinna téh hararésé ngucapkeun ngaranna. Nya tuluyna mah dilandi baé jadi Jon Bon Jovi.
Sanggeus ngangkleung salila sapuluh poé, kapal balik deui ka Palabuan Miami. Jon Bon Jovi saparakanca jrut tarurun tina kapal rék nuluykeun lalampahanana ka New Mexico. Béjana rék shooting vidéoklip Blaze of Glory.

Barang rék jrut turun, Jon ngaharéwos, Iday, lamun silaing rék mulang ka Garut, béjaan déwék, nya. Rék ku télépon, faksimil atawa e-mail, kumaha silaing baé. Déwék hayang milu. Haté téh geus kumejot hayang moro bagong jeung Mang Sadeli ka Cikuray.Kuring ngaheueuhkeun.


TILU bulan ti harita, kuring meunang cuti taunan. Maksud téh rék nyelang balik ka Garut. Ku lantaran kitu kuring nélépon ti Miami ka New Jersey ngabéjaan Ujang Obon. Ngan ampun rudetna. Kuring dipingpong ka ditu ka dieu. Ti imahna dititah nélépon ka Fans Club. Ari pék téh ti FC kudu asup heula waiting list. Lamun henteu kudu ngomong langsung ka promotion manager, kakara nungguan akréditasi. Jeung deui anu nampa télépon téh budak lalaki nu ngomongna semu
selébor siga biduan rap music maké basa Inggris lentong Brooklyn, New York.
Hi, man... stay cool okay...easy buddy, easy.., pokna. Moal salah, pasti urang négro barayana M.C. Hammer.
Bakat ku pusing, ceuleuweung baé kuring dina telepon, Hi, stupid American... listen to me! You just tell to your boss, this phone call is from Iday. I came from Singajaya... What?... No! Singajaya is located in Indonesia, not Africa... Do you understand?
Naha atuh témbalna ti béh ditu, Har... geuning Kang Iday, ayeuna mah sora budak awéwé mani halimpu jeung maké basa Sunda.
Kuring curinghak banget ku atoh, Dupi ieu sareng saha?
Abdi téh adi kelas akang waktos sakola di Madrasah Aliyah Musaddadiyah Garut.
Saha nya?
Atikah.
Nyimas Atikah putrana Haji Tamim ti Bungbulang?
Sumuhun.
Naha Nyimas aya di New Jersey?
Di dieu téh abdi digawé di Bon Jovi Management, diajak ku Mang Haji Suja'i.
Oh, kitu... kieu baé Nyimas, wartoskeun ka Jon Bon Jovi, urang miang ka Garut téa. Ngarah teu réncéd, akang rék hiber langsung ka Honolulu, diantos baé di Hotél Sheraton Waikiki,Hawaii.
Mangga, Insya Alloh ku abdi badé didugikeun.
Plong haté téh ngemplong. Teu sakara-kara geuning ari ngomongjeung baraya salembur mah.
Opat poé ti harita, pasosoré, Boeing 747 Northwest Airlines anu mawa kuring jeung Ujang Obon alias Jon Bon Jovi geus eunteup di Bandara Soekarno-Hatta. Sanggeus nyokot babawaan ti pabéan, Ujang Obon ngomong, Iday, urang ngéndong di Bandung baé, déwék mah teu betah saré di Batawi téh.
Heueuh, lah.
Ayeuna urang rék maké naon miang ka Bandung?
Nya tumpak beus ti Terminal Kampung Rambutan, atuh.
Ah embung déwék mah, ... ari di dieu aya séwaan limousine?
Silaing mah olo-olo pisan! Apan di New York ogé tuman naékangkot!
Jon Bon Jovi keukeuh hayang tumpak limousine alias sédan méwah sasis panjang téa. Sok nyeri cangkéng lamun tumpak sédan biasa mah, basana téh.
Dasar milyunér, mani élodan pisan! kuring kukulutus.
Kapaksa kuring mapay néléponan réntal mobil sa-Jakarta. Untung baé aya nu nyéwakeun sédan pangantén, Volvo 960 Limo-turbomatic, hiji-hijina mérek sédan limousine anu asup ka Indonésia.
Tabuh salapan peuting. Sakadang Volvo anu ditumpakan ku kuring duaan jeung Ujang Obon katilu supir geus tepi ka Bandung anu saterusna langsung check-in di Grand Hotel Preanger. Bakat ku capé jeung tunduh, rérés salat isa teu kungsi mandi heula, kuring dugsek saré mani tibra.
Kira-kira tabuh satengah dua peuting, panto kamar aya anu ngetrokan. Kuring ngoréjat, Saha?
Déwék, Obon.
Bari lulungu, kuring mukakeun panto, Aya naon, Jang?
Beungeut Jon kaciri mani sepa. Ku naon yeuh? gerentes haté.
Teuing euy, déwék téh teu bisa saré...tamba kesel tuluy nyieun lagu. Rumpakana mah geus anggeus, tinggal nyieun judulna wungkul.
Geus atuh, ayeuna mah saré baé heula...mikiran pijuduleun lagu mah isuk deui baé, témbal kuring bari merelek heuay.
Anu matak teu bisa peureum-peureum acan. Kieu balukarna lamun béakeun barang téh. I have no stuff anymore, ceuk Jon bari meubeutkeun manéh kana korsi.

Kuring kerung. Béakkeun barang? Dina basa American slank, kecap stuff hartina sarua jeung dope atawa drugs alias obat bius. Boa-boa Ujang Obon sok tripping? Ongkoh geus ilahar pikeun kaom American celebrities mah ngonsumsi narkotika sabangsaning héroin,kokain, atawa crack (kokain sintétis) téh.


Barang naon? PTP? LSD? Ecstacy? Diazepam? Amphetamine? Rék meuli anu kitu di dieu mah hésé.
Lain atuh, ieu mah ududeun.
Mariyuana? Hashish? Ganja? Sarua héséna, Jang.
Silaing mah nyangka goréng baé ka déwék téh! Ieu mah udud roko biasa, deuleu! témbal Ujang Obon bari nyeuneu.
Oh...gampang atuh ari nu kitu mah. Meuli baé di kafé, sugan buka kénéh.
Anu matak euweuh.
Euweuh? Piraku euweuh Marlboro, Lucky Strike, Camel, Mild Seven, Chesterfield?
Lain éta roko kabeuki déwék mah.
Oh, roko kéréték? Dji Sam Soe, Gudang Garam Filter, atawa Bentoel?
Lain, lain éta.
Roko mérek naon atuh kabeuki silaing téh? kuring mimiti keuheul.
Jon Bon Jovi melong ka kuring. Bari meureudeuy semu éra, manéhna ngomong lalaunan, Roko Cap Gentong...
Leng kuring ngahuleng, awahing ku reuwas awor jeung hayang seuri. Baruk Jon Bon Jovi nyandu udud roko Cap Gentong? Naha teu salah kitu? Tagog baé vokalis hardrock music nomer wahid, lamun indit-inditan kudu baé maké sédan limousine, ari heug kalandep kana ngudud roko Cap Gentong?!
Kungsi sotéh kuring meuli roko nu kitu mangsa kuring keur kaédanan lalajo ronggéng dombrét di basisir Blanakan, Subang.
Jon Bon Jovi sahinghingeun ceurik. Euh, aing mah! Lamun henteu digugu kahayangna kuriak matak gujrud sakuliah hotél. Ngérakeun pisan!
Sanajan horéam nataku, kuring maksakeun manéh, Hayu atuh, urang néangan.
Manéhna mani haripeut. Ka mana néanganana, nya?
Urang mapay baé, ka Pasarbaru, ka Bojongloa, ka Tegallega, ka Cicadas, lamun kapaksa-kapaksa teuing mah urang meuli baé roko klembak menyan di tukang rampé, témbal kuring ngaheureuyan manéhna. Jon nyéréngéh.
Jon jeung kuring kaluar ti hotél tumpak taksi. Palebah Cicadas, taksi dieureunkeun. Jrut turun, tuluy leumpang mapay émpér toko bari miharep susuganan aya jongko anu ngajual roko kameumeutna Jon Bon Jovi.
Kabeneran leumpang téh ngaliwatan riungan tukang béca anu keur maén gapléh dina trotoar jalan. Ari heug téh kadéngé aya anu ngomong, Najis, aing mah...balak kosong! Ger riungan téh sareuri éak-éakan. Ngadéngé kitu, Jon ngarandeg bari tuluy ngahuleng.
Ku naon, Jang? kuring nanya rada hariwang.
Manéhna teu némbal. Rada lila manéhna ngahuleng. Naha atuh ari gorowok téh, Eureka! that's right! Éta pisan pijuduleun lagu téh!
Jon katempo jigrah pisan.
Iday, hayu urang balik ka hotél!
Apan urang néangan roko téa? banget kuring teu ngarti.
Teu kudu, urang meuli roko saaya-aya baé di hotél! témbal manéhna sumanget naker.
Har... ari silaing?! kuring ukur werat ngageremet.
Ayeuna kuring geus teu digawé dina kapal deui. Miami, Kingston, Nassau, Puerto Rico, Bahamas, Antigua ngan kari waasna. Ti saprak kuring kawin meunangkeun parawan urang Cikajang, kuring eureun ngalalana. Pagawéan kuring ayeuna mah ngabantuan bapa mitoha kana ngebon engkol jeung wortel.
Sabulan ka tukang, grup band Bon Jovi ngayakeun konser musik Crossroad to The East di Jakarta. Ujang Obon ngahaja ngirim télégram ka Cikajang. Sono hayang panggih, basana téh.
Éra-éra ogé kuring nedunan ondanganana. Harita kuring indit ka Batawi téh sakalian ngirim wortel ka Pasar Induk Kramatjati. Sabalikna ti pasar, kuring nyimpang ka Hotél Hilton International. Barang sup ka lobby hotél, aya nu ngagentraan. Kang Iday! cék sora awéwé.
Ari dilieuk, kuring olohok mata simeuteun. Atikah imut. Aduh, ieung... urut kabogoh téh mani jadi démplon kieu, gerentes haté. Hanjakal baheula kalah ditinggalkeun...hé...hé... Diteuteup ti luhur
ka handap, katara awakna tambah ngeusi jeung tambah geulis, ngan dangdosan mah tetep baé nganggo busana muslimah, leungeun katuhu ngeupeul Nokia, leungeun kénca ngajinjing IBM Notebook.
Hey, teu kénging melong sapertos kitu. Engké ku abdi diwartoskeun ka Ceu Empat di Cikajang geura, manéhna ngagonjak. uring ngélémés éra ngadéngé Atikah nyebut ngaran pamajikan.
Kang, Ujang Obon tos ngantosan ti tatadi, hayu! Kuring nuturkeun manéhna naék lift. Reg lift eureun di tingkat pangluhurna, president suite.
Barang amprok jeung Jon Bon Jovi, manéhna ukur maké kaos utung jeung disasarung. Manéhna teu sirikna ngagabrug. Saterusna kuring jeung manéhna alécok ngawangkong.
Sanggeus rinéh, Iday, silaing inget kénéh waktu nganteur déwék néangan roko ka Cicadas téa?
Tangtu baé atuh. Naha kumaha kitu?
Apan omongan tukang béca anu keur maén gapléh téa jadi judul lagu kokojo keur albeum déwék anu panganyarna, témbalna semu agul bari ngasongkeun CD anu weuteuh kénéh.
Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina bungkus CD, cakakak kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring ogé milu ngadéngé, atra pisan tukang béca téh ngomong, Najis, aing mah!... balak kosong!
Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu? Teuing Jon Bon Jovi anu ceuli léntaheun atawa pédah nulisna maké basa Inggris lentong New Jersey. Nu sidik, dina éta CD téh ngajeblag tulisan anu
judulna, Best cut: This ain't a Love Song..


Restoran robot

Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza di Jepang. Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

“Mah lapar henteu?”, ceuk Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula”
“Tuh aya restoran nu palayana maké robot!”
“Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”
Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :
“What is your nationality?”, robot nanya.
“Indonesia” ceuk Abah.
“Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.
“Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.
“Sunda”, ceuk Abah.
“Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda.
“Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.
“Aya”
“Pesen dua porsi”
“Porsi ageung atanapi alit?
“Porsi ageung”
“Sabaraha céngékna?”
“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
“Nganggo kangkung?”
“Enya”
“Nganggo waluh?”
“Enya”
“Nganggo engkol?”
“Enya”
“Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?”
“Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.
“Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?”
“Kumaha sia !”
“Kacangna setengah mateng atanapi mateng?”
“Goréng sing garing!”
“Nganggo goréng bawang henteu?”
“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.
“Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”
“Dipiringan !”
“Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?”
“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :
“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan”
“Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?”
“Kumargi teu acan aya jalantahna………..”
“Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !”

Sumber : Naga Langit




Ngamandian Ucing




Najan geus kolot pisan Nini Acah masih keneh beregegeh. Ari masalah pikun mah geus ilahar, ngarana oge nini-nini. Tadi isuk-isuk asup ka warung Somad meureun rek balanja.
Bade ngagaleuh naon nini? Mang Somad nanya mani daria (serious:bahasa bulena mah, red)
Cik Rinso sabungkus
Naha nini téh nyeuseuhan nyalira?
Lain keur nyeuseuhan ..,, tapi ngamandian ucing! ceuk si nini tandes
Baruk??? Tong make Rinso nini, ke ucingna paeh geura! Mang Somad reuwaseun bari teu kuat nahan piseurieun.
Nya moal atuh! incu nini oge osok ...!

Sorena Nini Acah ngaliwat ka warung Somad.


Angkat ka mana nini?, ucingna teu dicandak? Somad ngaheureuyan.
Paeh ... ceuk Nini Acah pondok.
Tuh pan ..., ceuk uing oge naon? tong make Rinso bisi paeh, Nini mah bandel! Somad asa meunang set.
Lain paeh ku Rinso, Somad! TEU NANAON BASA DIMANDIAN MAH! si nini sentak sengor
Hah? ari geus? Somad leuleuy, eleh geleng ngalawan si nini mah
Basa dipeureut ... ceuk Nini Acah bari ngaleos.

Sumber : Naga Langit






Sipat Jalma




Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna, ieu patokana:

Jalma jujur


Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur


Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug


Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan


Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius


Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup


Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri


Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis


Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun ka irung batur

Jalma nu Isinan


Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic


Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo


Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit


Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada tit..tit..tit...

Jalma nu Sombong


Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah


Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul


Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti


Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter


Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial


Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna.




Papatah Si Aki




Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka imah akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower asup tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh tapak tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut pantai Pananjung wanci balebat.

Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis Euis Dohoy anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong semu haroshos.

A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !
Aduh punten..sakali deui punten ! ceuk Asep Jebrag bari ngejatkeun leungeunna.

Teu sawios A...! Euis Dohoy nembalan semu handeueul.

Isukna Asep Jebrag papanggih jeung si aki panasaran pok nanya.
Ki ari piwuruk aki nu kahiji teh naon, abdi mah hilap deui ?

Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun geura, piwuruk kahiji teh 'Mun Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !'






Surat Ti Nini




Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran bingung, si Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.

Patugas : Aya nu tiasa di bantos ni?


Nini : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya Parangkona?
Patugas : Aya atuh ni, piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon Deui?
Nini : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!
Patugas : Mangga Ni, Ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?
Nini : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian!

Terus we petugas teh nulis surat nu sakitu panjangna di dikte Ku si Nini. Geus anggeus nya dibikeun ka si Nini supaya di aos heula.

Patugas : Mangga di aos heula ni!
Nini : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna, N.B. Incu hampura Nini upama tulisanana butut!
Patugas : He, ari is Nini ....!





Jurkam Pidato




Ngarana oge kampanye, pidato teh kudu bari sumanget. Kawas harita, waktu Bapa Jurkam keur daria naker pidato bari pepeta.

Urang wajib ngarojong pangwangunan. Hasil pangwangunan Ku urang geus karasa. Jalan leucir, listrik parat ka padesaan, kitu deui pabrik dug-deg di mamana; kayaning pabrik Mobil, pabrik sapatu, pabrik keretas, jeung pabrik tektil...

Pak, kirang es, ceuk asistenna, ngaharewos. (maksudna, lain pabrik tektil tapi pabrik tekstil).

Oh enya, ceuk Bapa Jurkam, jeung pabrik es deuih!






Tukang Kai




Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna
keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan.

Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit


teras naros : Hey...kunaon maneh ceurik?

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, Ieu kampak anjeun teh?


Tukang kai ngajawab : Sanes!

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , Sugan nu ieu kampak anjeun teh? Sakali deui, tukang kai ngajawab : Sanes!

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, Ieu meureun kampak anjeun teh?
Tukang kai ngajawab: Sumuhun, leres Gusti !

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : Kunaon deui anjeun ceurik?

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: Ieu pamajikan anjeun teh? Na ari pok teh: Leres, eta pamajikan abdi teh!

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : Anjeun bohong!, teu jujur!

Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :


Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah
paham.

Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi.

Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!





Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda







 

a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian

b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager

c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh

d. Die Hard II - Can Paeh Keneh

e. Die Hard III With A Vengeance - Nya’an euy Hese Pisan Paehna

f. Bad Boys – budag bedegong

g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur

h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor

i. Here’s Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?

j. Mission Impossible - Moal Bisa

k. Titanic - Tilelep

l. Paycheck - Nganjuk Heula

m. Reign of Fire - Beubeuleuman

n. Original Sin - Tara Ka Mesjid

o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul

p. Silence of The Lambs - Embe Pundung

q. Ghost - Jurig Kasep

r. Bad Boys - Budak Baong

s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?

t. Home Alone - Tinggaleun

u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman

v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!

w. The Awakening - Hudang Sare

x. After The Sunset - Tereh Maghrib






Mabok di Tengah Jalan




Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok di tengah jalan.

Dasar tolol! Mun mabok ulah di jalan atuh....! ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.



Maneh nu tolol mah, bales nu mabok embung eleh geleng. Sakitu ngebut, nabrak teu keuna...


Verilənlər bazası müəlliflik hüququ ilə müdafiə olunur ©atelim.com 2016
rəhbərliyinə müraciət